Waters of Life

Biblical Studies in Multiple Languages

Search in "Sundanese":
Home -- Sundanese -- Tracts -- Tract 10 (Do not be afraid, for I have redeemed you, I have called you by name; you are Mine!)
This page in: -- Armenian -- Baoule? -- Burmese -- Chinese -- Dagbani? -- Dioula? -- English -- French? -- German -- Greek -- Hausa -- Hebrew -- Hindi -- Igbo -- Indonesian -- Japanese -- Korean? -- Lingala? -- Maranao -- Nepali? -- Peul? -- Somali -- Spanish -- SUNDANESE -- Telugu -- Thai? -- Turkish? -- Twi? -- Uzbek -- Yoruba

Previous Tract -- Next Tract

TRAKTAT - Pesen Pondok Alkitab Pikeun Dibagikeun

TRAKTAT 10 -- Ulah sieun, maneh ku Kami tangtu dijait. Maneh ku Kami disebut ngaran, sabab maneh teh kagungan Kami (Yesaya 43:1)


Sadayana manusa sieun ku masalah sareng bahaya anu ngancem aranjeunna. Sarerea reuwas nalika aya kacilakaan. Haténa ngageter ngadéngé beja perang atawa wabah bahaya di sabudeureunana. Sababaraha urang kaleleb ku kasieun dina kaayaan depresi, hirup salaku jalma hariwang wungkul. Gusti Allah ngalarang anjeun kasingsieunan, kusabab Anjeunna Jumeneng, sareng langkung kiat batan sagala rupa kakuatan anu bakal nyerang anjeun. Anjeunna langkung wicaksana ngalewihan kanyeri anjeun. Ku alatan éta, lenyepan dawuhan Pangandika Gusti kangge saderek.


Tong sieun!

Allah ngalarang aranjeun sieun ku roh-roh jahat jeung sarupaning jin. Anjeunna hoyong anjeun miceun kapercayaan kana kakuatan gaib jeung sihir. Tinggalkeun kabiasaan nempatkeun jimat dina baju barudak, ngagantung tanda gaib di lawang panto atawa kabiasaan amit-amit keketrok kana kai. Kabéh jalma anu masih ngalakukeun hal ieu mintonkeun saecesna ngaliwatan lampah maranéhanana yén roh jahat leuwih kuat batan Pribados Allah Nyalira. Allah Maha Kawasa, siap jeung sanggup ngajaga anjeun sabab Anjeunna leuwih kuat ti sakabeh roh anu aya di alam dunia.

Gusti mikaasih saderek anjeun sareng bakal ngabebaskeun tina hariwang kumaha engke nasib jaga. Tong hariwang ku perang, sieun ku sanjata nuklir, polusi anu ningkat di dunya. Kahareupna bakal jelas yén kagiatan manusa moal tiasa nyalametkeun dunya. Teu aya jalan kaluar pikeun urang iwal ngalangkungan Gusti Allah, anu langkung ageung tibatan sadaya masalah anu disanghareupan ku urang. Percanten ka Anjeunna sagemblengna manah.

Nu Nyipta hoyong ngelehkeun sadaya kasieun ujian, pangangguran, kalaparan sareng gangguan batin. Anjeunna siap ngabantosan sareng ngabeungkeut Dirina ka saderek. Ku sabab kitu, sing getol usaha, jujur dina pagawéan, satia dina laku lampah sapopoé, tangtos urang bakal ningali Allah ngaberkahan anjeun limpah ruah. Teras ajen ka Anjeunna, tantos saderek nampi pituduh sareng katengtreman di tengah bahaya.

Nu Maha Kawasa bakal nangtayungan anjeun tina musuh anjeun, tina jalma anu hatena sirik pidik ka anjeun, tina kamungkinan diusir dina pagawean, masarakat atanapi nagara anjeun, sareng lolos tina tipu daya penjahat. Anjeunna ngajagi nalika mulih ka Anjeunna sareng hirup di lebet Anjeunna. Sanaos seeur pangabutuh, emutan kaditu kadieu dina kahirupan, Gusti bakal janten kakiatan sareng pangharepan urang. Ku sabab eta ulah mapah ngajauh ti Anjeunna; Gusti Allah bakal ngajagi Saderek dina lebet nami-Na.

Allah nu langgeng ngalarang urang kasingsieunan maot, ngageter dina pangadilan kubur, jeung sieun seuneu naraka. Anjeunna sanggup, sarta hoyong nyalametkeun sarta ngajagi. Gusti Yesus henteu maot, sakumaha anu diomongkeun ku jalma nu remen moyokan, Anjeunna hirup, jumeneng, sumber kahirupan umat manusa. Sumping ka Gusti Yesus, sing regreug, tetep dilebet Anjeunna, tangtos ngalaman karapihan hirup jeung kawanen nyanghareupan maot.

Allah Maha Adil, ngahakiman anjeun tina sagala rupi hakekat dosa. Mung Anjeunna anu tiasa nyucikeun manusa tina dosa jeung lampah kahirupan manusa anu sakitu jahatna. Anjeunna henteu hoyong ngancurkeun saderek ku murka-Na dina Poé Kiamat. Kukituna tong adigung nganggap ku sorangan tiasa nyalametkeun awak sakujur ku kalakuan amal soleh. Mung Allah anu mikanyaah sarta ngabukakeun panto pikeun kabagjaan langgeng manusa.

Anjeunna anu pinuh ku asih langgeng, ngajagi manusa tina dirina sorangan, nyalametkeun tina hate anu pinuh ku najis, ngelehkeun kareueus anjeun. Anjeunna bakal ngiatkeun anjeun dina cocoba jeung gogoda, ngelehkeun bohong bodas anu gancang kaluar tina létah urang. Ku sabab kitu hayung enggal muka haté ka Roh Suci-Na, disuci murnikeun sabab Gusti Mahasuci.

Allah ngajurung pikeun terus ngarasa tengtrem dina sagala kaayaan hirup. Anjeunna negeskeun dina Kitab Suci, 365 kali, parentah-Na anu teges pisan, "Ulah sieun." Ieu ayat-ayat teh pikeun unggal jalma, kulawarga jeung masarakat, istri sareng pameget. Urang tiasa ngelenyepkeun parentah Allah ieu, unggal dinten hiji, dugi ka sataun, supado teu ditindes kawasa kasieun, tapi bisa ngelehkeun eta kalayan kakawasaan Allah Mahakuasa. Pasrahkeun sadaya kahirupan, rarancang, sareng kahariwang jaga kahareup ka Gusti Kristus, Mantenna sanggem ngajagi anjeun langkung hebat dibandingkeun bapa anu mikanyaah ka putra-putrina, Gusti bakal ngajagi sareng ngaberkahan anjeun limpah rahmat, seeur pisan.

Nalika anjeun muka haté sinareng hormat ka Anjeunna, tangtos nampi nur Ilahi, kakiatan anu tiasa dipercanten, gaduh harepan pikeun jaga. Lajeng kasieun nu geus ngagumpel bakal nyingrai tina diri. Allah nembongkeun rusiah-Na, nyaeta hoyong ngaping tina sagala rupa bahaya jeung kasieun; Mantenna nyebatkeun:


Kami geus nebus maneh

Anak-anak Yakub parantos janten budak jajahan anu hina di Mesir, teras ditindas ku Firaun. Tapi aranjeunna percanten ka Allah sareng pangapingna Gusti Rama. Ku alatan éta, Gusti marentahkeun yén unggal kulawarga bani Israil kedah qurban domba anu teu cacadna, unggal anggota kulawarga ditangtayungan ku getih domba tanpa cacad anu dikucurkeun, ku kituna murka Allah bakal ngajauh. Lamun maranehna teu hayang ngalakukeun eta qurban, tangtos bakal diancurkeun ku hukuman lantaran dosa maranéhanana. Turunan Yakub nurut kana parentah Allah jeung percaya kana panggero-Na. Janten Gusti Pangeran ngabebaskeun Bani Israil tina perbudakan jeung panjajahan di Mesir ku getih Anak Domba Paskah, Allah masihan kabebasan sareng katengtreman abadi.

Bapa Ibrahim ogé ngalaman rusiahna panebusan, nalika anjeunna sanggem ngurbankeun putra hiji-hijina anu sah, salaku kurban beuleumeun, pikeun taat kana parentah Allah. Tapi Allah nyegah anjeunna maéhan hiji manusa salaku qurban sakaligus ngalarang Ibrahim maéhan anakna, "Jeung Kami nebus eta budak ku kurban anu gede". (Sura Al-Saffat 37:107) Ku cara kieu Allah Suci, dina rahmat-Na, geus ditebus turunan Ibrahim ku qurban sampurna, nu nebus manusa salawasna.

Dinten ieu, jangji Allah, "Kuring geus nebus anjeun," geus ngahontal anjeun. Janji ieu diserat ti jaman baheula sabab karya panebusan Kristus parantos réngsé paripurna. Ieu ngajelaskeun yén kasalametan parantos lengkep henteu kedah mindo deui. Gusti Jumeneg ngalaksanakeun karya panebusan anu sampurna dina kahirupan manusa, ku kituna henteu kedah sieun ku dunya ieu atanapi salempang kumaha engke ka hareupna, saderek moal nyarios susuganan "meureun" Gusti bakal nebus kuring. Gusti Nu Maha Kawasa geus nebus anjeun tina Poé Kiamat, tipu daya Iblis, jeung kakuatan dosa. Anjeun kedah ngartos yén panebusan anjeun parantos dilaksanakeun, hukumna parantos sah. Kasalametan henteu gumantung kana diri manusa sorangan ngaliwatan puasa, solat, kurban,munggah haji atawa jihad berjuang di jalan Allah. Gusti parantos ngalaksanakeun panebusan anu hébat ieu pikeun manusa, sareng masihan manusa kasalametan dunya akhera salaku anugrah, anu pasti, Gusti Allah masihan umat manusa rahmat-Na sacara bébas, teu aya kawajiban mayar. Ku alatan éta, ulah sieun, ulang salempang, tapi narima hak anjeun sapinuhna, percaya ka Pangandika Gusti. Upami anjeun percanten kana panebusan Kristus, dumasar kana iman pribados.

Sadérék bisa reuwas yén Allah nu ngadamel perjangjian geus méré jangji kieu, ”Kami geus nebus maneh,” utamina ka jalma anu geus dipiceun ka Karajaan Babul dikersakeun nampi Karajaan Sawarga. Allah geus ngidinan yén maranéhna bakal diasingkeun alatan teu iman ka Gusti jeung ngalawan ka Gusti Allah . Maranéhanana kudu ninggalkeun imah jeung nagarana, sarta dialungkeun ka gurun keusik, 800 kilométer ti tempat Bait Suci umat Israil. Maranehna jadi gering jeung sieun jeung gempeur teu daya upaya, sarta sawatara di antarana mimiti inget kana dosa-dosana. Maranehna teu boga pakarang jeung cecekelan banda, teu boga nanaon iwal ti kahirupan maranéhanana jeung Allah nyalira. Dina kaayaan susah ieu, Nu Maha Kawasa ngayakinkeun ka maranehna, "Percaya ka Kami, ulah sieun, sabab Kami geus nebus, Kami geus nyebut ngaran maneh sarta Kami leuwih kuat ti kakuatan anu ngajajah aranjeun."

Naon waé kaayaan saderek ayeuna, yakin yén Gusti Welas Asih, hoyong ngabebaskeun tina kasieun, raraosan asa-asa teu pararupuguh sareng panyeureud maot. Anjeunna parantos nebus anjeun ti kakawasaan maot digentos ku karya Gusti Kristus di kai palang, hukumna sah jeung langgeng. Putra Maryam nyaéta Anak Domba Allah gaganti anjeun anu nanggung hukuman disalib pikeun nebus dosa anjeun. Ku alatan éta, Sang Maha Pencipta manusa moal jadi hakim anu telenges, tapi Anjeunna adil sareng ngahampurea manusa anu dosa, janten Bapa sacara rohani , siap pikeun nungtun, ngaping saderek unggal dinten.


Kami Nyebut Ngaran Maneh

Tong hilap yén Allah anu maha asih leres-leres nebus anjeun! Dupi anjeun ngarasa mujijat ieu? Allah, anu pinuh ku rahmat, parantos nyiapkeun kaluar tina dosa, maot jeung cocoba ti nu jahat. Sareng Gusti ngalakukeun langkung ageung ti éta dina kahirupan saderek pribaso. Anjeunna ngontek saderek pribados kalayan welas asih, jenuk pangampura henteu galak, Gusti Allah ningalna ngalangkungan cinta, upami anjeun percanten kana panyalindungan getih Anak Domba Allah. murka-Na parantos dilangkungkeun ti saderek. Gusti terang nami anjeun. Anjeunna terang saha anjeun, langkung ti anjeun terang ka diri nyalire. Anjeunna terang sagala rusiah anjeun; sagalana kabuka pikeun Anjeunna. Gusti Kristus mikanyaah saderek sapertos putraNa.

Carita hébat! Gusti Nu Agung nyaur urang, manusa leutik, ku cara nyebut ngaran urang. Saderek penting kanggo Anjeunna. Gusti Yesus malire sareng merhatoskeun urang. Anjeunna hoyong masihan anjeun rahmat-Na sareng ngabebaskeun anjeun tina perbudakan jiwa anjeun. Unggal-unggal bapa atanapi indung nyebat nami murangkalihna, nalika budakna keur amengan di pakarangan, murangkalihna tangtos terang, nguping namina disebat, yén anjeunna dipilih khusus sareng anjeunna kedah ngabales naon waé. Ku sabab kitu, waspada sareng terang paos yén Pencipta nuju nyauran saderek sareng Panebus nyebat nami pribado sareng Roh Panglipur calik di lebet manah saderek sacara pribadi. Salami Anjeunna nyauran, saderek diangken ka tingkat Dirina, Gusti Allah nyarios ka anjeun dina kecap-kecap Pangandika nu ngajantenkeun saderek. Tong hilap yén Gusti nyauran. Ulah hilap panggero-Na, sabab dina panggero ieu Anjeunna nawiskeun rahmat sarta rahmat-Na.

Nalika Kristus calik diantawis umat manusa di bumi ieu, Gusti Yesus Kristus angkat ka kuburan ki sobatna Lasarus, anu parantos maot tilu dinten sateuacan Anjeunna sumping. Yesus miwarang jalma-jalma di sabudeureun Anjeunna pikeun ngagulingkeun batu anu nutupan eta kuburan, tapi aranjeunna henteu kersaeun, sabab Lasarus parantos maot tilu dinten sareng jasadna pasti to bau. Yesus maksa, sarta sanggeus batu digulung, Anjeunna ngagero kalayan sora tarik, "Lasarus, kaluar!" Lajeng, hiji raragad masih dibungkus dina kafan kaluar. Soanten Kristus tiasa ngahudangkeun nu maot (Yohanes 11:34-44; Sura Al-'Imran 3:49) panggero ti Putra Maryam ngandung pinuh kakawasaan jeung kadaulatan Allah.

Kristus ayeuna tos sareng Allah Bapa, Anjeunna nyauran jalma anu hoyong ngupingkeun soanteun-Na. Anjeunna nyauran nami anjeun dina waktos ieu. Iklaskeun kareueus saderek Anjeunna bakal ngangkat anjeun tina hukuman dosa, ngajantenkeun hirup, sareng ngajagi saderek, janten Jurusalamet pribados saderek. Tong cangcaya, enggal ngawaler Gusti sareng nganuhunkeun Anjeunna anu parantos nyauran saderek.

Anjeun tiasa terang yén kecap Yunani pikeun garéja, "Ecclesia," ngagaduhan hartos anu husus sateuacan Gusti Kristus sumping. Kecap éta ngandung harti yén unggal kota gaduh tanggel waler sewang-sewangan, sarta warga kota kudu ngadamel kaputusan ngalangkungan pasamoan pamingpin anu tanggel waler. Jalma-jalma anu tanggung jawab ieu digero ka puseur dayeuh pikeun nyieun kaputusan ngeunaan perang atawa katengtreman, ngeunaan pajeg atawa hukum, jeung sagala rupa nu patali jeung kahirupan kota. Ngaran pasamoan anu ngurus éta Ecclesia, kempelan atanapi jalmi anu disebat bakal babagi tanggung jawab kota. Gusti Yesus sareng para murid-Na ngagunakeun pernyataan ieu pikeun ngajelaskeun rusiah gereja, sarta disebut Ecclesia. Ieu ngandung hartos yén unggal anggota spiritual di garéja penting kumargi disebat namina ku Allah nyalira. Saderek dikiatkeun pikeun ngantunkeun pikiran jahat jeung kalakuan anu dosa, nungkulan maot jeung sagala ruh jahat ku kawasa ning Roh Allah, dibébaskeun tina cocoba dunya ieu, jeung babagi tanggel waler kayaktian pikeun batur di masarakat, ku doa, kurban jeung kahadean.

Upami nguji diri. Naha anjeun salah sahiji jalma anu disebut tanggung jawab pikeun batur? Atanapi anjeun masih kaleuleuwihi ku dosa sareng ujian? Ngartos yén Kristus parantos nyauran anjeun nganggo nami pikeun ngawula ka Anjeunna. Naon jawaban anjeun ka Anjeunna?


Anjeun Bobogaan Urang

Gusti Nu Maha Suci ngajamin anjeun ku kalimah anu unik, "Anjeun milikna kuring. Kami henteu ngan ukur nyiptakeun anjeun, tapi ogé ngabebaskeun tina pikiran sareng kalakuan anjeun anu barontak, sareng nyeuseuh anjeun, nyucikeun anjeun, sareng nampi anjeun janten umat Kami anu iman." Kapercayaan ieu henteu sumping kusabab saderek langkung saé tibatan jalmi sanés, tapi kusabab nampi panebusan ti Allah, anu parantos dilaksanakeun pikeun urang sadayana.

Allah ngajelaskeun ka anjeun, "Anjeun teh harta karun Kami. Anjeun lain deui milik sorangan, tapi milik Gusti Allah. Kami Allah anjeun salamina. Anjeun unik dina panon kuring, mulya sareng harga anu saé. Kuring bakal heman ka anjeun, moal ninggalkeun anjeun nyalira, bakal aya di sisi anjeun. Anjeun mangrupikeun anggota kulawarga Allah warga Sorga. Anjeun ditangtayungan ku cinta Ilahi. Kami jaminan maraneh. Kuring bakal tanggung jawab, sareng kuring moal poho nami anjeun. Teu aya anu tiasa ngarebut maneh tina cecekelan Kami. Moal poho sanajan naon wae anu lumangsung dina hirup jeung maot anjeun. Kami bakal salawasna aya jeung maneh tepi ka ahir hirup. Kami nyauran, supaya maneh janten kabagjaan Kami."

Aya saurang nonoman anu gawena getol jeung tiasa nyimpan hasil usahana. Ahirna manéhna bisa meuli kandaraan, jadina tiasa ngarambah langkung lampar, naék turun gunung. Angkutan keur indit-inditan teu aya deui masalah. Anjeunna ngumbah mobilna sareng ngurus éta kandaraan. Peuting-peutingna dijagaan, sangkan taya anu maling. Sakabeh haté jeung pikiranna diabdikeun kana harta anyaranana. Ku kituna, lamun hiji jalma biasa bisa jadi jadi sumanget ngeunaan meuli harta lajeng nengetan jeung mayar eta, kumaha leuwih bakal Allah miara, ngajaga tur mikanyaah unggal jalmi soleh anu ngajawab panggero-Na.

Saha waé anu nampi panyauran Gusti Allah dina haténa sarta muka manahma kana asih Kristus sarta narima kakawasaan Roh Suci bakal jadi ciptaan anyar. Roh Allah bakal linggih sareng Jurusalamet Urang bakal mingpin dina hirup anu pinuh ku syukur, ngadegkeun karapihan jeung karepehan di satengahing dunya pinuh ku bahaya jeung seeur pangabutuh. Kahirupan Allah bakal ngamalir sareng dianggo dina kahirupan jalma-jalma anu ditebus ku Anjeunna. Naha anjeun parantos nyerahkeun diri ka Gusti salaku anak spiritual-Na? Atanapi anjeun masih ngumbara jauh ti Nu Nyipta sarta Juru Panebus?


Dupi Anjeun Ngartos Panebusan Anjeun?

Upami anjeun hoyong terang langkung paos perkawis kanyaah Gusti anjeun sareng panebusan-Na anu sampurna pikeun saderek, kami siap ngintunkeun literatur anu ngabantosan panalungtikan saderek, sipatna gratis, tiasa ngabantosan tumuwuh iman, literaturna tiasa disuhunkeun ka kami ngangge serat.


Gusti Saestuna Nyiapkeun Panebusan Pikeun Sadayana Manusa

Allah geus nembongkeun kanyaah-Na ka sakabeh manusa, boh nu hade boh nu goreng. Anjeunna hoyong masihan panebusan sampurna gratis. Tapi pikasediheun pisan yén seeur jalmi teu acan terang mangpaatna sareng terus hirup dina kasieun baris sangsara. Upami anjeun hoyong ngabantosan réréncangan sareng kulawargi, supados tiasa ngartos panebusan anu sampurna pikeun aranjeunna, kami siap ngintunkeun anjeun buklet ieu. Hayu sasarengan kumawula ka Allah sabab Anjeunna parantos ngalayanan urang langkung ti ageung ti nu dipikahoyong.

WATERS OF LIFE
P.O. BOX 60 05 13
70305 STUTTGART
GERMANY

Internet: www.waters-of-life.net
Internet: www.waters-of-life.org
e-mail: info@waters-of-life.net

www.Waters-of-Life.net

Page last modified on December 11, 2023, at 12:26 PM | powered by PmWiki (pmwiki-2.3.3)