Waters of Life

Biblical Studies in Multiple Languages

Search in "Sundanese":
Home -- Sundanese -- Christ -- 04 (Christ's Teachings)
This page in: -- Arabic? -- Azeri -- Baoule -- Chinese -- English -- French -- Greek -- Indonesian -- Japanese -- Kyrgyz -- Russian -- SUNDANESE -- Turkish -- Ukrainian -- Uzbek

Previous Lesson -- Next Lesson

TOPIK 8: KRISTUS - Parantos kenal ka Gusti Yesus Kristus?
Pengantar Kana Hirup, Kawasa Jeung Kaasih Kristus

4. Naon anu dipikahartos ku Saderek patali jeung ajaran Kristus?


Sadaya Nabi sareng Utusan Allah anu soleh, sadayana diilhamkeun ku Pangandika Gusti anu langgeng, tapi Kristus mangrupikeun Firman Allah dina hakekatna, sadaya kakiatan panyipta, sareng asihna Allah museur, henteu ngan ukur cariosan, tapi dilaksanakeun naon anu didawuhkeun. Kaagungan sareng kakiatan Allah saestuna dina kecap-Na jeung dina lampah-Na, silih mastikeun.

Dina sababaraha kasus urang maca ungkapan ngeunaan Anjeunna sapertos kieu: "28 Yesus liren nyariosna. Jalma-jalma mani harookeun ku carana Anjeunna ngawulang. 29 Beda ti guru-guru agama maranehna, Anjeunna mah ngajarna teh pinuh wibawa." (Mateus 7:28-29). Jeung nalika lawan-Na anu nyoba newak Anjeunna ngaliwatan antek-antekna, malihan janten nyentug kana hate maranehna, teu aya nu wani nyaketan Gusti Yeus, tuluy nyarios ka nu nitahna "Jalmi biasa mah moal tiasa ngalahir kitu sapertos Anjeunna," walonna" (Yohanes 7 : 46)

Cobi dilenyepan, Pangandika Gusti Yesus anu didugikeun dina sagala kasabaran sareng handap asor:

Yesus sasauran deui ka urang Parisi, saur-Na, "Kaula teh caangna dunya. Anu anut ka Kaula moal nyorang anu poek, sabab ngabogaan caang kahirupan." (Yohanes 8:12)
Saur Yesus, "Eta roti anu matak hirup teh kapan ieu, Kami. Jalma anu datang ka Kami moal nyorang lapar deui, anu percaya ka Kami moal nyorang halabhab deui. (Yohanes 6:35)
Ayeuna ceuk Kami, ka musuh ge kudu nyaah, ka nu neungteuinganan kudu ngadoakeun. (Mateus 5:44).
"Ulah ngahukuman batur, supaya maraneh ulah dihukuman ku Allah.Sabab sakumaha maraneh ngahukuman ka batur, nya kitu keneh, maraneh ge bakal dihukumanana ku Allah. Lamun maraneh ngukur kitu ka batur, maraneh ge bakal diukur kitu ku Allah. Ku naon nelek-nelek tatal dina panon dulur, ari balok dina panon sorangan diantep? Kumaha rek wani ngomong ka dulur maraneh, ‘Cing, eta tatal dina panon urang pangnyabutkeun ku kuring,’ padahal dina panon sorangan aya balok? .. Eh nu marunapek! Piceun heula balok tina panon sorangan, kakara bisa awas mangnyabutkeun tatal tina panon dulur maraneh. (Mateus 7:1-5)

Upami urang ngalenyepan paripaos ieu, Kristus mangrupikeun cahaya dunya, masihan katengtreman sareng kahirupan anu leres pikeun jalma anu satuhu ka Mantena.

Sadaya Nabi sanés anu parantos sumping mung sabagian tina Cahaya Ilahi anu mancar ka dunya anu poék, sapertos cahaya bulan anu leuleus, enggal luntur sapertos bulan sapasi. Naning Kristus mah, sapertos panonpoe nu ngagebrét, mancorong ka sagala arah, dina sagala kakiatan cahaya-Na.

Urang tos teu tiasa nuturkeun bulan upami panonpoé geus moncorong? Kristus teh Cahaya Sajati! Mantenna minuhan nubuat jeung memproklamirkan parjangjian anyar anu welas asih. Mantenna nyalira kaasih Rama di Sawarga nu Mijalma, jadi Anjeunna ngagaduhan hak pikeun nyebatkeun : "Kami jalanna, Kami kayaktian, Kami sumberna hirup. Ku sabab eta, lamun henteu ku jalan Kami, moal aya anu bisa datang ka Rama."..."Langit jeung bumi bakal musna, tapi pangandika Kami mah moal musna." (Yohanes 14:6, Mateus 24:35)

www.Waters-of-Life.net

Page last modified on September 04, 2023, at 02:49 PM | powered by PmWiki (pmwiki-2.3.3)