Waters of Life

Biblical Studies in Multiple Languages

Search in "Sundanese":
Home -- Sundanese -- Christ -- 08 (Christ's Ascension to Heaven)
This page in: -- Arabic? -- Azeri -- Baoule -- Chinese -- English -- French -- Greek -- Indonesian -- Japanese -- Kyrgyz -- Russian -- SUNDANESE -- Turkish -- Ukrainian -- Uzbek

Previous Lesson -- Next Lesson

TOPIK 8: KRISTUS - Parantos kenal ka Gusti Yesus Kristus?
Pengantar Kana Hirup, Kawasa Jeung Kaasih Kristus

8. Naon Pamandangan Saderek Perkawis Angkatna Kristus ka Surga?


Naha saderek terang yén Kristus mi’raj ka Sawarga kangge calik di sisi katuhu Gusti Rama ? Anjeunna anu pangcaketna dibandingkeun sahabat Allah nu sanes, teu aya anu nyamian. Nalika Gusti Yesus lungsur ti Sawarga dina raragad manusa, ngangge cara anu sami, Mantenna angkat deui ka Sawarga saparantos ngéléhkeun dosa, kabinasaan sareng Iblis ngalangkungan pupus-Na di kai palang.

Anjeunna janten Parantara anu Satya sareng Perkasa ka sadayana anu sumping ka Allah dina Nami-Na. Sadayana anu percanten kana padamelan Gusti Yesus, ngalaman dilinggihan haténa ku Roh Suci. Maranehna jadi dianyaran hirupna, saluyuu kahirupan rohani Kristen anu murni, sumebar nyata dina laku lampah sadidinten. Upami hoyong ngalaman hirup sareng Kristus, kalebet karya penebusan,, saderek kedah ngabuka haté sa sing lega, ngabébaskan manah satuhu kakawasaan Roh-Na, saderek bakal ningali Anjeunna ku iman, lengkah hirup tangtos saluyu sareng wasiat-Na.

Sadayana anu nampik Kristus sami sareng nampik Gusti Allah nyalira, anu parantos nawiskeun Yesus salaku panebusan pikeun dunya. Allah nedunan nubuat anu dinubuatkeun ka Nabi Daud, nyaurkeun ka Kristus anu naek ka Anjeunna: "Pangeran ngadawuh kieu ka raja gusti kaula: "Geura calik katuhueun Kami, nepi ka musuh-musuh hidep, ku Kami dijieun titincakan hidep." (Jabur 110 : 1)

Janten sing saha jalmi anu teu nampi asihna Gusti Allah anu diproklamasikeun dina Kristus, tiasa disamikeun sareng ngahukum dirina ku sorangan, unggal jalma anu nampik rahmat Allah, tetep dina murka Allah, sabab geus ngahaja nampik hiji-hijina jalan kasalametan anu tos disayogikeun.

Pati dosa janten musuh umat manusa anu pangageungna, tapi Gusti Yesus Krisuts tos ngéléhkeun pati dosa, sarta ngamunculkeun deui hirup anu anyar, ku gugahna Gusti Yesus Kristus tina maot, sakuliah jalma anu percanten ka Mantenna moal maot, moal dihukum, sareng hirup kalanggengan. Sakur jalmi anu patali ka Anjeunna gaduh bagian dina kakawasaan hirup anu ngéléhkeun kajahatan. Upami saderek ngartos berkah dina gugahna Kristus, tangtos kersa nampi kaasihna ayeuna pisan.

www.Waters-of-Life.net

Page last modified on September 04, 2023, at 02:55 PM | powered by PmWiki (pmwiki-2.3.3)