Waters of Life

Biblical Studies in Multiple Languages

Search in "Sundanese":
Home -- Sundanese -- Tracts -- Tract 02 (God, be Merciful to Me a Sinner!)
This page in: -- Armenian -- Baoule -- Burmese -- Chinese -- Dagbani? -- Dioula -- English -- French -- German? -- Greek -- Hausa -- Hebrew -- Hindi -- Igbo -- Indonesian -- Japanese -- Korean -- Lingala -- Maranao -- Nepali? -- Peul? -- Somali -- Spanish -- SUNDANESE -- Telugu -- Thai -- Turkish? -- Twi -- Uzbek -- Yoruba

Previous Tract -- Next Tract

TRAKTAT - Pesen Pondok Alkitab Pikeun Dibagikeun

TRAKTAT 02 -- Gusti Allah, hampura abdi anu dosa!


Guru tuna netra basa nganjang ka bumi sababaraha kulawarga maca sababaraha ayat tina Alkitab ku cara ngarampa ngalangkungan ramona, ngagunakeun sistem Braille. Nu ngupingna kacida kagumna ku kamampuhana maca. Kalawan ngagunakeun soca, nuturkeun ramo lincah na ngeja hurup, ngupingkeun pangderesan anu sampurna, guru milih bagian anu jelas pisan tina Kitab Susi teras ngawitan maos Pangandika Gusti:

“Aya dua jalma nyorang ibadah ka Bait Allah niatna rek neneda; nu saurang urang Parisi, nu saurang deui tukang mulung pajeg. Urang Parisi nangtung bari ngadoa dina jero haténa kieu: “Nun Allah, sim kuring muji sukur ka Anjeun, dumeh sim kuring henteu sami sareng jalmi sanes, anu sararakah, anu teu jalujur, anu sok jarinah. Sim kuring muji sukur lantaran henteu sapertos itu, tukang mulung pajeg. Sim kuring mah sok puasa saminggu dua kali, sareng sok nyanggakeun perpuluhan tina sagala pangasilan sim kuring.’Ari tukang mulung pajeg nangtungna di nu jauh, jeung nenedana mani ngeluk teu wani tanggah, bari ngusap-ngusap dadana. Kieu nenedana, ‘Nun Allah, sim abdi nyuhunkeun piwelas, rumaos jalmi doraka!” (Lukas 18:13)

Guruna eureun macana sarta ngomong ka nu aya di sabudeureunana, ”Masing-masing jalma kudu mikir jeung nanya ka diri sorangan, ’Saha urang teh ? Asupna kana golonga anu mana ? Jalma anu ngaku saleh atanapi anu tobat ? Naha eta jalma alim teh ngagambarkeun urang yen manehna teu zinah, teu ngarampog, jeung teu ngalakukeun aniaya ka batur, tapi taat kana hukum agamana, puasa dua kali saminggu, masihan perpuluhan jeung nulungan jalma-jalma anu butuh?”

Rohangan eta jadi sepi jempling pisan dugi kahiji lalaki sepuh mungkasan, "Puji Gusti yén manusa bisa datang ka Gusti Allah iraha wae manehna perlu, ngaliwatan do’a anu ikhlas tur mantuan nu malarat jeung fakir miskin. Tapi pangakuan ieu anu sapertosna saleh, sabenerna mah keur muji ka diri sorangan tinimbang muji Allah pikeun karya éndah-Na. Iman Takwa anu henteu ngaku ka Allah téh sami sareng egois, mentingkeun diri sorangan.”

Guru tuna netra lajeng negeskeun piwuruk bapa sepuh, tuluy nambihan, “Anu sombong, anu ngaluhuran katakwaan pribadina, ngagulkeun hate jeung pikiranana. Aranjeunna teu ngaku bebeneran Allah, sarta teu ngaji diri sorangan, sanajan maranéhna terang ayat kitab suci dina jeroning haté. Jelas yen taqwa agama tanpa sikep hate hormat ka Allah teh salah jeung teu ngandung asih. Jalma anu ibadah, ngamulyakeun diri, jadi sombong tur sok ngahina batur. Maranéhna kudu nanya ka diri sorangan, ’Naha ibadah urang teh ditujukeun ka Allah atawa ka diri sorangan? Naha urang ngemutkan Gusti Allah sareng muji Mantenna, atanapi urang ngagulkeun kasalehan sorangan?’”

Aya saurang nonoman ti antara anu hadir nanya ka guru tuna netra , "Naha urang ibadah ? Naha aya mangpaatna pikeun urang? Saha anu malire ka tamada urang?" Guru tuna netra ngawaler, "Naha tiasa anu boga kaberkahan socana beunta tiasa ningali dugi ka saluareun cakrawala? Jalmi mah percaya we yén bumi buleud sanaos teu tiasa ningal; upami urang nelepon ti Kairo ka Paris atanapi ti Kasablanca ka Tokyo, urang paos pisan nuju ngupingkeun soanten anu nelepon sanaos teu ningali wujudna. Langkung deui saderek anu percanten yen Nu Maha Kawasa merhatoskeun pi’dua saderek, Anjeunna ngawaler kana panyuhun sareng uepan sukur urang, anu medal ti sajeroning hate anu pinuh ku kaasih sareng handap asor!”

Guru neraskeun wawaran, malik deui ka cariosan tukang pajeg bari ngajembarkeun "Puji Gustis anu tos ngangken tukang cuke, janten tiasa ngantunkeun sagala dosana tur neneda ka Gusti Maha Welas Asih. Tukang narik cuke, dina do'a-na mintonkeun kapercantenan anjeunna kana jati diri, kakawasaan sareng ka”mahaan” Gusti, kusabab anjeunna nyaur Gusti Pribados "Allah", dina uninga yen Gusti Allah teh hiji dina satunggal Pangandika sareng Ruh Tukang cuke anu tos tobat ieu, ngaraoskeun kasucian Allah Mahakawasa sinareng percanten kanan pangampunan, manehna sieun murka diakibatkeun dosa-dosana, ngayun antawis kaasih Allah sareng kaadilan Allah, kasingsieunan tapi oge percanten yen Sang Maha Suci oge Maha Asih ngalangkungan kaadilanan, kukituna anjeunna ngaragragkeun dirina kana Panangan Hakim anu Welas Asih supodos tiasa dihampura. Kusabab eta anjeunna nyambat, "Gusti, hampura abi nu dosa "!’

Guru tuna netra éta langkung jero ngabahas harti tobat sarta nambihan: ”Si penjahat the ngaku yén manéhna lain ngan saukur ngalakukeun dosa, tapi ogé geus jadi najis, sagemblengna nampik Allah. Di payuneun Sang Maha Suci, kaayaanana anu leres janten katingali ku anjeunna. Teu aya anu hadé pikeun anjeunna di payuneun Allah; manéhna geus jadi jelema nu ngalakukeun dosa anu kacida goréngna.”

Guru neraskeun, ”Seuseueurna jalma nipu ka diri sorangan ngeunaan kaayaan dirina, nganggap dirina terhormat jeung soleh. Tapi manusa anu nangtung dina cahaya Allah bakal langsung ningali yén teu aya anu leres iwal ti Allah nyalira! Rahayu éta tukang mulung anu taubat manéhna jadi wijaksana; jujur ngaku kaayaan dirina sorangan, malikeun hate ka Maha Cipta-Na, kajahatan manehna kabeh diaku hiji-hiji sateuacan, lajeng nyuhunkeun rahmat-Na, Gusti henteu nampik saha-saha anu tobat, saha anu mikahoyong haténa dirobih sarta anu miharep pikeun ngaronjatkeun kabiasaan, mikahayang nurani anu beresih. Pangéran bakal masihan saderek panebusan anu pribadi pisan, masihan perdamaian Ilahi, nyaeta jalan anu disiapkeun pikeun sadayana anu tobat."

Guru nu sae budina ier, teras naros ka jalmi anu sarumping di dinya, "Naha saderek hoyong ngartos kana panghakiman ahir Kristus Sang Putra Maryam, ngeunaan jalmi-jalmi anu sapertosna soleh sareng tukang mulung pajeg anu tobat?" Manéhna muka Kitab Suci jeung mimiti ngajalankeun ramo-Na sapanjang titik jeung lajeng maos dawuh Kristus,

“Sing percaya," saur Yesus, "waktu maranehna balik ka imah, anu bakal dibenerkeun ku Allah teh tukang mulung pajeg, lain urang Parisi. Sabab saha-saha anu ngagulkeun diri sorangan bakal dikahandapkeun, saha-saha anu ngahandapkeun diri sorangan bakal dijungjung." (Lukas 18:14).

Pamiarsa anu hormat,
hayu urang nguji diri sakali deui. Naha parantos ngaraos sugema dina katakwaan saderek, parantos reueus kana kalakuan anjeun, ngaraos bagja upami ningali kalakuan sewang-sewang ? Atanapi ngaraos hina di payuneun Gusti Nu Maha Suci, isin ku laku lampah dina kahirupan anu tos disorang? Sing terang yén saha waé anu sombong sareng nganggap dirina hébat pasti tikusruk. Tapi sing saha anu tobat ka Pangéran, ngaku dosa anu tos dipigawe, tangtos nampi rahmat sareng leresan anu asalna tina panebusan Gusti Yesus Kristus.

Do’a Tobat
Neneda urang ngangge do’a anu diajengkeun ku bapa Daud, raja-nabi anu ngaku dosana waktos Gusti Allah meberkeun kalakuan khianat anu ngerakuen, saparantos Daud zinah jeung pamajikan batur tur maréntahkeun maehan salakina.

Abdi teh rumaos lepat, kadorakaan abdi tansah jadi emutan. Abdi rumaos, dosa teh estu ka Gusti, ka Gusti pisan, gaduh lampah anu ku Gusti dianggap dosa. Gusti ngahukum ka abdi teh pantes, hukuman ka abdi adil, merenah. Ti awit dilahirkeun oge abdi teh parantos doraka, dosa ti lebet kandungan keneh. Anu dipundut ku Gusti nya eta jujur sareng bener; pinuhan hate abdi ku hikmah Gusti. Angkat ieu dosa abdi, supados abdi beresih, abdi kumbah, supados langkung bodas manan salju. Ridoan abdi nguping sora kabungah sareng kasuka supados tiasa deui ngarasa bagja, sanaos ku Gusti parantos disasaak sareng diririkes. Peureumkeun soca Gusti, tong ningali dosa abdi, sadaya kajahatan abdi mugi dipupus. Ciptakeun di diri abdi hate anu beresih, nun Allah, eusian abdi ku sumanget anyar, jiwa satia. Abdi ulah dipiceun ti payuneun Gusti, roh Gusti anu suci ulah dicandak ti abdi. Pasihan deui kagumbiraan ku kasalametan ti Gusti, sareng paparin kadaek nurut ka Gusti. Engke abdi bade ngajarkeun parentah Gusti ka nu daroraka, sina tarobat ka Gusti. Raksa nyawa abdi, nun Allah, abdi salametkeun. Kaadilan Gusti tangtos ku abdi dibewarakeun kalayan gumbira. Tulungan abdi nyanggem, nun PANGERAN, sangkan muji-muji ka Gusti. Gusti teu hoyong kurban peuncitan, atanapi dihaturanan kurban beuleuman, eta oge Gusti teu hoyong. Abdi ngurbankeun hate anu pinuh ku karumasaan, nun Allah! Gusti tangtos moal nolak hate anu rumasa sareng tobat. Sing hawatos ka Sion, tulungan, kuta Yerusalem mugi sina ngadeg deui. Saparantos kitu tangtos Gusti kersa nampi kurban anu layak, kurban beuleuman, sareng sapi jalu, anu dikurbankeun dina altar Gusti. (Jabur 51:3-19).


Diajar Pangandika Gusti

Upami anjeun hoyong ngartos langkung paos perkawis kasucian sareng rahmat anu hébat, mangga nyerat ka kami supados tiasa dikintunkeun Injil Kristus kangge Saderek, kalayan refleksi sareng doa, kintunan ieu gratis


Bagikeun injil kasalametan ka jalmi-jalmi sabudeureun saderek

Upami Sadérék berkah nampi risalah ieu, sareng hoyong ngabagikeunana ka réréncangan, kami sugema ngintunkeun risalah ieu sasuai kaperyogian

Diantos seratna, tongh hilap nyerat alamat lengkep pikeun nampi balesan enggal ti kami.

WATERS OF LIFE
P.O. BOX 60 05 13
70305 STUTTGART
GERMANY

Internet: www.waters-of-life.net
Internet: www.waters-of-life.org
e-mail: info@waters-of-life.net

www.Waters-of-Life.net

Page last modified on December 11, 2023, at 09:59 AM | powered by PmWiki (pmwiki-2.3.3)