Waters of Life

Biblical Studies in Multiple Languages

Search in "Sundanese":
Home -- Sundanese -- Christ -- 01 (What do You Know of Christ?)
This page in: -- Arabic? -- Azeri -- Baoule -- Chinese -- English -- French -- Greek -- Indonesian -- Japanese -- Kyrgyz -- Russian -- SUNDANESE -- Turkish -- Ukrainian -- Uzbek

Next Lesson

TOPIK 8: KRISTUS - Parantos kenal ka Gusti Yesus Kristus?
Pengantar Kana Hirup, Kawasa Jeung Kaasih Kristus

1. Parantos kenal ka Gusti Yesus Kristus?


Kiwari dunya buru-buru ka tujuan ahirna, sagala rupina tos nyaketan. Unggal jalmi anu ajen sareng ajrih tur resep kana karohanian langkung eces yén Kristus bade sumping deui ti Allah anu kadua kalina. Saha anu teu malire bakal kuciwa kusabab tos teu panuju ka Kristus sareng kakawasaan Mantenna.

Sadérék ogé tiasa ngaraos yén hirup sadérék ayeuna anu langgeng gumantung kana patarosan: Naon hubungan pribadi abdi jeung Kristus? Upami ningali hakekat kapribadian Kristus anu saleresna, moal bireuk deui urang sadayana bakal ngabuka hate, sinareng Gusti Yesus Kristus masihan kamerdekaan sareng kabagjaan sajati.

Saterasna sagala rupi rusiah hirup urang tangtos katingali, caang bentrang sapertos didamaran ku bohlam ageung, dilebet Gusti Yesus Kristus, disumputkeun sagala harta karun hikmah, kawasa jeung pangaweruh, kamulyaan-Na, naros ka saderek: "Numutkan anjeun ari Kami teh saha ?"

Kukituna urang kedah emut ka hirup sewang-sewang, enggal ditalikeun ka hirup-Na Gusti Yesus Kristussalami “beurang keneh”, mengpeung aya kasempetan sarta panto anugrah teu acan katutup, upami tos dilakonan dipastikeun saderek estu manggihan katengtreman, sareng jalan kaluar anu masagi pikeun masalah kahirupan ngalangkungan rahmat kurnia-Na.

www.Waters-of-Life.net

Page last modified on September 04, 2023, at 02:38 PM | powered by PmWiki (pmwiki-2.3.3)