Home
Links
Bible Versions
Contact
About us
Impressum
Site Map


WoL AUDIO
WoL CHILDREN


Bible Treasures
Doctrines of Bible
Key Bible Verses


Afrikaans
አማርኛ
عربي
Azərbaycanca
Bahasa Indones.
Basa Jawa
Basa Sunda
Baoulé
বাংলা
Български
Cebuano
Dagbani
Dan
Dioula
Deutsch
Ελληνικά
English
Ewe
Español
فارسی
Français
Gjuha shqipe
հայերեն
한국어
Hausa/هَوُسَا
עברית
हिन्दी
Igbo
ქართული
Kirundi
Kiswahili
Кыргызча
Lingála
മലയാളം
Mëranaw
မြန်မာဘာသာ
नेपाली
日本語
O‘zbek
Peul
Polski
Português
Русский
Srpski/Српски
Soomaaliga
தமிழ்
తెలుగు
ไทย
Tiếng Việt
Türkçe
Twi
Українська
اردو
Uyghur/ئۇيغۇرچه
Wolof
ייִדיש
Yorùbá
中文


ગુજરાતી
Latina
Magyar
Norsk

Home -- Sundanese -- Tracts -- Tract 01 (Do You Know Jesus?)
This page in: -- Armenian -- Baoule -- Burmese -- Chinese -- Dagbani -- Dioula -- English -- French -- German? -- Greek -- Hausa -- Hebrew -- Hindi -- Igbo -- Indonesian -- Japanese -- Korean -- Lingala -- Maranao -- Nepali -- Peul -- Somali -- Spanish -- SUNDANESE -- Telugu -- Thai -- Turkish -- Twi -- Uzbek -- Yoruba

Next Tract

TRAKTAT - Pesen Pondok Alkitab Pikeun Dibagikeun

TRAKTAT 1 -- Naha Saderek Tos Terang Kristus?


Saha waé anu ngulik sajarah tiasa mendakan jalmi-jalmi anu kasohor sapanjang zaman anu parantos tiasa mangaruhan sajarah sareng ngawangun bangsana. Hiji jalma sapertos kitu nyaéta Yesus, Putra Maryam. Leuwih ti sapertilu warga dunya nuturkeun ajaran-Na. Asma Gusti Yesus Kristus mangrupikeun kalimah anu pangpentingna dina Perjangjian Anyar, kaluar 975 kali dina sadaya 27 kitab.

Malaekat Jibril dikintun ku Allah Rama ka Ambu Maryam. Malaekat nembongan ka Yusup, salaki Maryam, dina impenan, dipasihan terang yén murangkalih dina rahim Ambu Maryam éta tina Roh Suci, sareng kedah dipasihan nami "Yesus, sabab Anjeunna bakal nyalametkeun umat-Na tina dosana" (Mateus 1:20-23; Lukas 1:31).

Asma Kristus ieu sanes nami nu ditangtoskeun ku manusa, tapi ku kersana Gusti Allah. Dilebet nami "Yesus" perenahna rencana Allah pikeun panebusan manusa, rarancang anu tos diadegkeun sateuacan jagat alam dijantenkeun. Asma Yesus teh sacara harafiah ngandung hartos, "perjangjian Gusti pikeun ngabantosan sareng nyalametkeun manusa tina dosana”

Allah ngalereskeun jalan di dunya ieu ngalangkungan Gusti Yesus Kristus urang Nasaret. Sang Putra Maryam henteu ngajarkeun ajaran manusa anu sia-sia, atanapi ngan ukur mintonkeun mujijat, tapi ngalangkungan Anjeunna, Gusti Allah nyarios sareng midamel, ngeceskeun tujuan kasumpingan-Na sareng rusiah kakawasaan-Na nu sakitu ageungna (Yohanes 5: 19-21; 14: 10-24)


Anjeunna ngabebaskeun urang tina kareueus

Saur Yesus, "Hiap datang ka Kami, sakur nu maropo jeung nu kalempohan sarta nu ngarasa beurat ku momotan, ku Kami rek direureuhkeun. Turut parentah Kami sarta diajar ka Kami. Kami teh lemah lembut jeung rendah hate, sarta maraneh bakal ngarasa reureuh.” (Mateus 11: 28-29) Sadayana anu mikahoyong kahirupan anu damai tengtrem, sadayana dirojong sumping ka Gusti Yesus Kristus. Sakur anu sumping ka Anjeunna, Gusti Yesus bakal nyalametkeun jalma sapertos kitu tina kareueus sareng bakal masihan anjeunna kabagjaan anu sajati.

Sabda Yésus, ”Putra Manusa datang lain pikeun dilayanan, tapi pikeun ngawula jeung masrahkeun nyawa-Na minangka tebusan pikeun loba jalma.” (Mateus 20:28). Jalma-jalma anu nuturkeun Yesus diubaran tina sikep anu egois sareng tiasa bungah ngalayanan batur dina kakawasaan-Na.


Saderek Dibébaskeun Tina Murka Allah

Amarah Nu Maha Suci tumiba ka sadaya jalma anu dosa, tapi Yesus ngabebaskeun jalma-jalma anu percaya ka Anjeunna tina sagala hukuman dina poé kiamat (Yohanes 3:18; 5:24). Allah ngungkabkeun pangandika bebeneran ieu ngalangkungan ka nabi Yesaya, “Disangka ku urang mah sangsarana teh lantaran dihukum ku Allah. Sihoreng keur nalangan urang! Da saenyana mah urang anu kuduna nandang lara jeung nyeri teh. Pang anjeunna taratu teh, ku karana dosa urang. Anjeunna pada ngarangketan, ku karana kajahatan urang. Anjeunna nandangan hukuman, sangkan urang disalametkeun, anjeunna raraheut, sangkan urang dicageurkeun. Urang teh ibarat domba leungit, ngalantrah neangan jalan sorangan. Tapi hukuman anu kuduna keuna ka urang, ku PANGERAN diteumbleuhkeun ka anjeunna” (Yesaya 53:4-6).

Yesus ngalengis, "Duh Ama, hapunten kalepatan ieu jalmi-jalmi, reh teu tarerangeun naon-naon kana kalakuanana kieu” (Lukas 23:34a). Urang janten terang yén Gusti Allah tangtos ngawaler doa-doa anu sakitu welas asihna.


Gusti Yesus Kristus Ngabebaskeun Urang Tina Dosa

Waler Yesus Kristus, "Kieu saenyana: Sing saha anu migawe dosa, ngawula kana dosa…. Lamun maraneh geus dibebaskeun ku Putra, enya-enya maraneh bebas.” (Yohanes 8:34, 36). Yesus ngabebaskan jalmi anu percaya ka Mantenna tina panjara dosa. Anjeunna nyandak kana Dirina sagala dosa dunya sareng dosa pribados urang sadayana, Mantenna janten panebus umat manusa, ngabayar lunas hukuman dosa, kukituna Roh Suci kersa linggih di manah urang, ngiatkeun saderek, masihan kakiatan ngelehkeun dosa (Rum 8: 9-11), jalmi anu percanten ka Gusti Yesus dina karya panebusan-Na bakal salamet sapinuhna.


Anjeunna Ngéléhkeun Si Jahat

Yesus langkung kawasa ti batan iblis, nangtung kiat ngalawan setan sarta nampik nyerah kana godaan iblis (Mateus 4:11; Lukas 4:1-13). Nandang sangsara jeung kasusah, Yesus Kristus satuhuna masrahkeun Raragana ka Allah Rama sarta tetep tangpa dosa. Anu jahat henteu tiasa mintonkeun kakawasaanana ka Anjeunna. Yésus ngusir sétan-sétan jeung roh-roh jahat ti jalma-jalma anu kasurupan. Anjeunna masihan kakiatan anu sami ka murid-murid-Na sadaya jalmi anu narima panebusan-Na bakal sagemblengna bébas tina kakawasaan Iblis (Lukas 9: 1).


Anjeunna Ngelehkeun Maot

"Kami teh anu ngahudangkeun jeung anu ngahirupkeun. Anu percaya ka Kami tangtu bakal hirup sanajan geus maot; jeung sing saha anu hirup sarta percaya ka Kami, salalawasna moal paeh. Kumaha, maneh percaya kana hal ieu?" (Yohanes 11:25-26).

Yesus gugah dina kajayaan ti nu maraot, mucunghul ragana jeung ditembongkeun ka rasul-rasul-Na; aranjeunna diwidian nyabak ragad kamulyaan Anjeunna. Ku kituna, Gusti Yésus Kristus kawasa ngabébaskeun murid-murid-Na tina kakawasaan maot sareng masihan hirup anu langgeng


Menerkeun Hate Anu Jahat

Yésus Kristus ngadawuh ka jama’ah anu ngupingkeun Anjeunna, “Ka musuh ge kudu nyaah, ka nu neungteuinganan kudu ngadoakeunsupaya maraneh diangken putra ku Rama nu di sawarga. Mantenna mah ka nu jahat, ka nu bageur, ka nu bener, ka nu teu bener, sarua bae maparin hujan maparin panas. …kudu nyieun kahadean ka nu mikageuleuh. Kudu ngaberkahan ka nu nyumpahan, kudu mangnedakeun ka nu neungteuinganan." (Mateus 5:44-45; Lukas 6:27-28).

Pribados anu dipilahir ku Ruh Allah, ngahampura murid-murid-Na tina sagala dosa supados urang oge tiasa ngahampura jalma-jalma anu jarahat. Anu ngadorong panghampura Yesus nyaéta asih-Na anu agung. Yesus ngabébaskeun saha waé anu taat ka Anjeunna tina kabencian sareng dengdem.

Putra Maryam teu ditampa, dihina jeung dikaniaya ku bangsa sorangan. Tapi sanajan tampikan maranéhanana, Gusti Yesus tetap mikacnita ka aranjeunna, karapihan, panebusan jeung kakiatan. Sadaya anu ngabalik tina dosa teras sumping Anjeunna bakal narima hirup langgeng.

Pamiarsa anu hormat,
Gusti Yesus Kristus anu Jumeneng ngahiap-hiap ka Saderek supados kersa nampi anugrah-Na. Mantenna sanggem masih kakiatan dilebet Roh Suci kangge ngamurnikeun hate Saderek, tapi urang kedah ngabuka hate sareng nampi panghampura dan kasalametan ti murka anu pasti sumping. Saestuna Gusti Yesus Kristus Juru Bebas, Panyalamet, Imam sareng Pangantara manusa sareng Rama Allah di Sawarga. Mantenna kahuripan urang sareng ngajamin kasalametan urang sewang-sewang. Hayu enggalan ikhlas nampi anugrah anu pangpunjulna (Yohanes 1: 16).

Do’a Sukur
Mangga ngadu’a sasarengan: “Gusti Yesus Kristus, Anjeun teh Jurusalamet saalam dunya sareng Jurusalamet abdi oge, Gusti parantos nyalametkeun sim abdi tina murka sareng hukuman dosa, Gusti parantos nyalametkeun abdi tina kareueus sareng sifat egois, kersa nyucikeun abdi, pasihan hirup anu bener salayu jeung Sawarga, nyucikeun abdi tina dosa-dosa abdi sareng pasihan abdi hirup anu murni sareng kabeneran surgawi, supados anu jahat henteu tiasa ngéléhkeun abdi. Tarima abdi salaku salah sahiji murid Anjeun sareng pasihan abdi cahaya pikeun ngartos ajaran sareng parentah Anjeun. Nyanggakeun kakawasaan Anjeun dina kakirangan abdi, supados abdi tiasa ngagungkeun Gusti nu maha suci dina hirup abdi. Amin.”


Naha Saderek kersa terang langkung seueur perkawis Yesus, Putra Maryam?

Kami kersa ngintun ka Saderek gratis, upami anjeun nyuhunkeun, Injil Kristus sareng pangajaran pikeun ibadah. upami risalah ieu katampi dina manah sareng masihan kakiatan sareng ngahegarkeun Saderek, sae pisan bagja kabingahan ieu dibagikeun ka kulawargi, rerencangan sareng tatanggi


Kabingahan ieu dibagikeun ka tatanggi

Upami risalah ieu katampi dina manah sareng masihan kakiatan sareng ngahegarkeun Saderek, sae pisan bagja kabingahan ieu dibagikeun ka kulawargi, rerencangan sareng tatanggi. Kami bakal ngintun traktat, mangga wartosan kami sabaraha traktat anu anjeun tiasa ngadistribusikaeun tanpa ngabalukarkeun kasulitan pikeun diri.

Diantos serat Saderek, mugia Gusti nu Jumeneng maparin kaberkahan. Tong hilap nyerat alamat Saderek anu lengkep:

WATERS OF LIFE
P.O. BOX 60 05 13
70305 STUTTGART
GERMANY

Internet: www.waters-of-life.net
Internet: www.waters-of-life.org
e-mail: info@waters-of-life.net

www.Waters-of-Life.net

Page last modified on December 11, 2023, at 09:32 AM | powered by PmWiki (pmwiki-2.3.3)