Home
Links
Bible Versions
Contact
About us
Impressum
Site Map


WoL AUDIO
WoL CHILDREN


Bible Treasures
Doctrines of Bible
Key Bible Verses


Afrikaans
አማርኛ
عربي
Azərbaycanca
Bahasa Indones.
Basa Jawa
Basa Sunda
Baoulé
বাংলা
Български
Cebuano
Dagbani
Dan
Dioula
Deutsch
Ελληνικά
English
Ewe
Español
فارسی
Français
Gjuha shqipe
հայերեն
한국어
Hausa/هَوُسَا
עברית
हिन्दी
Igbo
ქართული
Kirundi
Kiswahili
Кыргызча
Lingála
മലയാളം
Mëranaw
မြန်မာဘာသာ
नेपाली
日本語
O‘zbek
Peul
Polski
Português
Русский
Srpski/Српски
Soomaaliga
தமிழ்
తెలుగు
ไทย
Tiếng Việt
Türkçe
Twi
Українська
اردو
Uyghur/ئۇيغۇرچه
Wolof
ייִדיש
Yorùbá
中文


ગુજરાતી
Latina
Magyar
Norsk

Home -- Sundanese -- Christ -- 06 (Christ's Sufferings)
This page in: -- Arabic? -- Azeri -- Baoule -- Chinese -- English -- French -- Greek -- Indonesian -- Japanese -- Kyrgyz -- Russian -- SUNDANESE -- Turkish -- Ukrainian -- Uzbek

Previous Lesson -- Next Lesson

TOPIK 8: KRISTUS - Parantos kenal ka Gusti Yesus Kristus?
Pengantar Kana Hirup, Kawasa Jeung Kaasih Kristus

6. Naha Saderek parantos terang sangsarana Kristus?


Kristus pupus - éta leres tur pasti. Anjeunna maot sanggeus nanggung dosa manusa urang anu sakitu sangsaran, lember kanyeri. Kristus parantos terang sateuacanna, yen kumaha carana Anjeunna bakal maot, Mantenna tos masihan nubuat ngeunaan ieu.

Naha saderek tos terang dimana tempatna bakal pupus ? Naha éta di kota, di jalan, atanapi di ranjang nyalira? Naha pupusna kusabab kacilakaan atanapi alami? Terang teu dina yuswa sabaraha urang pupus teh, bulan sareng dinten naon? Naon anu bakal kajadian ka sarimbit urang saparantosna urang nganttunkeun ?

Saderek teu gaduh pangaweruh najan sakedik perkawis maot mah. Kitu ogé para-Nabi sadayana teu acan terang kana jam-jaman anu parantos ditangtukeun. Tapi Gusti Yesus Kristus parantos uningaeun dipayun keneh yen Mantenna bakal ditandasa dugi telasna di kota Yerusalem, saparantos sidang ku pinisepuh Yahudi jeung pajabat pamarentah jajahan Ruma, kalintang ageungna sangsara, kanyeri, kasusah anu ditampi ku Gusti Yesus, taya papadana

Mantenna kuanjeun anu mutuskeun dina kawasa sareng kabebasan pribados-Na, ngeunaan waktos sareng dina dinten naon Anjeunna bade pupus, nyeta dinten Paskah waktosna jama’ah qurban, dina kapercantenan supados Allah teu bendu manah, sareng kangge panebusan dosa. Pungkasna Gusti Yesus pupus salaku Anak Domba Allah nanggung dosa dunya, nanggung kajahatan urang sadayana, janten murka Allah anu sapertos seuneu ngagugudad tiasa dileuleuyan, samudaya jalmi anu percanten ka Gusti Allah dina iman ka Kristus, tangtos disucikeun, anu iman ka Gusti Yesus Kristus diloloskeun ujiana, supados tiasa lebet kahirupan anu langgeng.

Ayeuna Kristus henteu ngan ukur nganubuatkeun waktos, cara sareng makna maotna, tapi Anjeunna ogé ngajamin para pengikut-Na kalayan kapastian mutlak yen Anjeunna bakal gugah tina maot sanggeus tilu poé dikurebkeun. Teu aya anu tiasa ngahalangan kebangkitan-Na anu jaya sareng leres leres kajantenan, Gusti Yesus oge ngadawuhkeun : “Saenyana mah, moal aya nu bisa ngarebut nyawa Kami; da kari kumaha Kami sorangan. Sabab Kami, boga kawasa pikeun mikeun sarta kawasa nyokotna deui. Tapi Kami iklas sabab eta teh papancen ti Ama Kami.” (Yohanes 10 : 18)

Teu aya anu terang ngeunaan cundukna waktos maot urang nyalira, sareng teu aya hiji jalmi nu gaduh kakiatan pikeun kabangkitan pribadosna sorangan. Kristus pupus – nyandak sareng ngalunasan dosa dunya, perlaya pikeun ngalereskeun urang anu sasab. M antenna anu masihan kahirupan, ngalangkungan hirup-Na sorangan, di anugrahkuen ka sadaya anu percaya ka Namina. Eces pisan yen moal aya hiji jalmi di alam dunia, moal mendakan anu maot gugah deui. Pupusna Kristus mangrupikeun berkah anu agung ti Gusti Allah pikeun sadaya umat manusa.

www.Waters-of-Life.net

Page last modified on September 04, 2023, at 02:52 PM | powered by PmWiki (pmwiki-2.3.3)