Waters of Life

Biblical Studies in Multiple Languages

Search in "Sundanese":
Home -- Sundanese -- Christ -- 03 (Christ's Innocence)
This page in: -- Arabic? -- Azeri -- Baoule -- Chinese -- English -- French -- Greek -- Indonesian -- Japanese -- Kyrgyz -- Russian -- SUNDANESE -- Turkish -- Ukrainian -- Uzbek

Previous Lesson -- Next Lesson

TOPIK 8: KRISTUS - Parantos kenal ka Gusti Yesus Kristus?
Pengantar Kana Hirup, Kawasa Jeung Kaasih Kristus

3. Naon anu anjeun terang ngeunaan Gusti Yesus Kristus anu teu aya dosana?


Kristus lahir tina Roh Allah, ti mimiti dibabarkeun Anjeunna tetep suci tur murni, teu ngalakukeun dosa - sanajan sakali, teu kungsi ngalaman salah jeung khilaf, Gusti Yesus teu acan kantos menta hampura dosa ka Gusti Rama sapertos urang. Ngenaan perkawis ieu, sagala jalmi kedah ngaku dosa sewang-sewang, upami henteu urang teh sami wae keur nipu Gusti Pangeran jeung urang sorangan. Nabi Daud nyuhunkeun dihampura dosa ku cimata kasedih, kitu deui Ibrahim, sobat Allah. Tapi lamun neangan dina Kitab Suci atawa dina Al Qur’an, saderek moal manggihan aya hiji ayat anu nyebatkeun yen Yesus nyuhunkeun dihampura - komo mindo.

Kumargi Kristus teu gaduh kalepatan, Mantenna teu peryogi panyucian atanapi pangleresan. Malihan Anjeunna ngadawuh ka musuh-Na: "Cik ti maraneh, saha anu bisa ngabuktikeun yen Kami boga dosa? Anu diomongkeun ku Kami kabeh saestuna, ku naon teu dipercaya?" (Yohanes 8:46), tapi taya sahijieun jalmi anu tiasa nembongkeun kasalahan Anjeunna, kecap-Na atanapi lampah-Na. Dina pangadilan sidang ahir-Na payuneyn Gubernur Romawi, Pilatur kapaksa ngaku numutkeun hukum dugika tilu kali:

"Naon kaestuan teh? " Pilatus mariksa. Ti dinya Pilatus kaluar, tuluy ngalahir ka urang Yahudi,

"Kami teu manggih lantaran pikeun ngahukum eta jalma." (Yohanes 18:38)

"4 Pilatus kaluar deui, ngalahir ka urang Yahudi, "Tarenjokeun! Eta jelema ku kami rek dibawa ka hareupeun maraneh. Kami rek ngabuktikeun yen kami teu manggih sabab pikeun ngahukum Manehna. " 6 Imam-imam kapala jeung para pangawal Bait Allah narenjo ka Anjeunna, tuluy tinggorowok, "Salibkeun! Salibkeun! " Saur Pilatus, "Pek bae ku maraneh salibkeun. Kami mah teu manggih sabab pikeun ngahukum." (Yohanes 19:4,6)

Langkung ti éta, salah sahiji roh jahat anu hirup dina jalma anu kasetanan éta, sieun pisan ku Yesus anu ngadeukeutan manehna bari ngagorowok: "Arek naon datang ka urang, Yesus urang Nasaret? Rek ngabinasa? Kuring nyaho Anjeun teh utusan anu suci ti Allah!" (Markus 1:24)

Ku kituna, dina pengadilan akhir dipintonkeun yén Kristus murni, sampurna, suci dina dirina. Teu aya anu sapertos Anjeunna - sabab sadayana manusa parantos ragrag kana dosa ti mimiti kahirupanana.

www.Waters-of-Life.net

Page last modified on September 04, 2023, at 02:43 PM | powered by PmWiki (pmwiki-2.3.3)