Home
Links
Bible Versions
Contact
About us
Impressum
Site Map


WoL AUDIO
WoL CHILDREN


Bible Treasures
Doctrines of Bible
Key Bible Verses


Afrikaans
አማርኛ
عربي
Azərbaycanca
Bahasa Indones.
Basa Jawa
Basa Sunda
Baoulé
বাংলা
Български
Cebuano
Dagbani
Dan
Dioula
Deutsch
Ελληνικά
English
Ewe
Español
فارسی
Français
Gjuha shqipe
հայերեն
한국어
Hausa/هَوُسَا
עברית
हिन्दी
Igbo
ქართული
Kirundi
Kiswahili
Кыргызча
Lingála
മലയാളം
Mëranaw
မြန်မာဘာသာ
नेपाली
日本語
O‘zbek
Peul
Polski
Português
Русский
Srpski/Српски
Soomaaliga
தமிழ்
తెలుగు
ไทย
Tiếng Việt
Türkçe
Twi
Українська
اردو
Uyghur/ئۇيغۇرچه
Wolof
ייִדיש
Yorùbá
中文


ગુજરાતી
Latina
Magyar
Norsk

Home -- Sundanese -- Tracts -- Tract 08 (Who is Christ?)
This page in: -- Armenian -- Baoule -- Burmese -- Chinese -- Dagbani? -- Dioula -- English -- French -- German? -- Greek -- Hausa -- Hebrew -- Hindi -- Igbo -- Indonesian -- Japanese -- Korean? -- Lingala -- Maranao -- Nepali? -- Peul? -- Somali -- Spanish -- SUNDANESE -- Telugu? -- Thai? -- Turkish -- Twi? -- Uzbek -- Yoruba

Previous Tract -- Next Tract

TRAKTAT - Pesen Pondok Alkitab Pikeun Dibagikeun

TRAKTAT 08 -- Saha ari Kristus?


Partéi pulitik jeung agama nampilkeun doktrin sareng biografi pangadegna ngaliwatan buku sareng internét, nyobian nampilkeun prinsipna kalayan kelir-keliran caang sareng propaganda anu narik perhatosan jalma rea.

Murangkalih Maryam tatihna nyalira, sepi jempling di luar paguneman propaganda éta. Anjeunna ngawanohkeun Diri-Na ka sakur anu hayang nyaho ka Anjeunna. Judul "Kristus" muncul 569 kali dina Perjanjian Anyar. Putra Maryam sorangan nyatakeun jati diri-Na ku nyarios, "Roh Pangeran ngauban Kami. Sabab Kami ku Mantenna ditangtukeun kudu mawa warta pikabungaheun ka nu mariskin. Kami ku Mantenna diutus kudu ngabewarakeun yen: para tawanan bakal dibebaskeun, nu lalolong bakal dibareuntakeun. Nu dikaniaya baris dileupaskeun." (Lukas 4:18-19)

Kristus, Anu hartosna Pribados anu Dimulyakeun, netelakeun rusiah-Na ku cara ngadawuhkeun nubuat di luhur anu diungkebkeun ka Nabi Yesaya 700 taun sateuacan kalahiran Kristus (Yesaya 61:1,2).

Putra Maryam lahir tina Ruh Allah. Saterasna, Allah ngintun kasampurnaan Roh Suci-Na ka Kristus, supados Anjeunna tiasa midamel saluyu sareng Gusti Rama sarta minuhan kahoyong Allah. Anjeunna salawasna hirup tanpa dosa, murni tur suci.

Kristus nyakseni yén Anjeunna "Diistrénan ku Ruh Allah". Dina Perjanjian Lawas, Raja, Imam Agung, jeung Nabi anu dikucuran minyak suci salaku tanda lengkepan kakawasaan sareng hikmat Allah pikeun nyumponan amanah maranéhanana. Tanda keur dilengkepan minyak suci dina Perjanjian Lawas ngan saukur rarangka pawahyuan sampurna dilebet Kristus. Anjeunna diistrénan ku Roh Suci pikeun ngalaksanakeun samudaya tugas anu dinubuatkeun kangge Mantenna salaku Raja Langgeng (Daniel 7: 13-14), Imam Agung salamina (Jabur 110: 4), Nabi Janji (Pamindo 18: 15), Perantara pikeun jalma-jalma dosa ( Yesaya 53), sareng Pangandika Gusti anu awatara janten manusa (Yesaya 61: 1-2). Gelar "Kristus" sayaktina sanes nami asli Putra Maryam, tapi ngajelaskeun wujud mulia-Na, perjanjian sareng nubuat ti Gusti Allah.


Naon sababna Kristus diutus?

Allah Maha Pancipta ngutus Kristus jeung ngamungkinkeun Anjeunna jeung Roh Suci pikeun mawa warta bagja ka nu miskin, jeung mawa eta warta alus ngeunaan panebusan, sabab maranéhanana baris dileupaskeun tina murka Allah jeung diyakinkeun kana Poé Kiamat.

Allah henteu ngan ukur ngutamakeun jalma-jalma anu ageung, beunghar, pinter, kaum ahli atanapi terhormat, tapi wiwitna Anjeunna ngarahkeun kanyaah sareng welas asih-Na ka jalma-jalma leutik, jalmi anu gagal total, anu ngalakukeun dosa, anu lemah, anu miskin, sareng anu peryogi pisan dibantos. Nu Maha Kawasa ngutus Anu Diurapi-Na ka jalma-jalma anu sangsara sareng anu dipiceun pikeun nawiskeun harepan, kakiatan spiritual, sareng hirup langgeng ku cara nampi Roh Suci ti Anjeunna.

Kristus nyebat amanat Anjeunna ngawawarkeun "Injil" ngeunaan bagja anu pikabungaheun pisan. Ieu warta Sawarga anu ngajantenkeun sadaya jalmi anu percanten ka Anjeunna lebet diangken janten kulawargi Allah nyalira, masihan aranjeunna bumi di Sawarga. Injil naklukeun kangewa dunya. Pangandika Kristus ngusir kabohongan, tipu muslihat anu nyasabkeun manah, sareng ngalereskeun sagala kanajisan sareng jinah. Ruh Allah linggih dina manah pribado anu ngalenyepan sareng nampi Injil lajeng taat kana parentah-Na. Injil teh asih kurnia Allah ka saderek ! Jalmi-jalmi anu henteu maos atanapi nampik tawaran anu khusus pisan ti Kristus ieu bakal tetep aya dina kaayaan kamiskinan, asa-asa sareng jauh tina hubungan sareng kahirupan ti Allah

Kristus nganyatakeun yén Anjeunna diutus ku Allah pikeun jalmi anu haténa ancur kusabab kasingsieunan sareng dosa. Kristus ngabébaskeun jalmi anu kabeungkeut ku dosa-dosana tina kakawasaan Iblis. Anjeunna ngahirupkeun deui jalma-jalma dosa anu maot sacara rohani sareng masihan aranjeunna kahirupan anu murni sareng ikhlas. Kristus henteu nyarioskeun kecap anu kosong teu aya hartosna, tapi ngadawuhkeun Pangandika anu pinuh ku kawasa dina nyariosanana, sing saha anu maos kaajaiban Manten-Na dina Alkitab jeung ngaji Al Qur’an, tangtos uninga yén Putra Maryam teh Kristus, anu tos diurapi kalayan kakawasaan asihna Gusti Allah. Anjeunna henteu maot teras di kubur – tapi Gusti gugah, Anjeunna jumeneng. Anjeunna ngarojong para murid-Na, sumebar kayaktian spiritual-Na, tangtos bakal tingali dina kahirupan maranéhanana.


Naha anjeun diistrénan ku Roh Suci?

Kristus henteu pamrih. Anjeunna henteu ngajaga urapan tina Roh Suci jeung kakiatan kailahian Dirina. Anjeunna nawiskeun Roh Suci ka sadaya jalma anu hina, anu milari katengtreman dina manahna, dikucuran Roh Rahmat luber ku kaasih Allah. Nanya ka diri sorangan, "Naha abdi kekeuh teras najis kabeungkeut ku dosa sorangan ? Naha kuring ngaharepkeun disucikeun sareng dibenerkeun dilebet Kristus sareng diistrenan ku Roh Suci?", saur Gusti

"Sing saha anu datang ka Kami, Kami moal dipicieun" (Yohanes 6:37);

"Lamun saha anu percaya, manéhna ngabogaan hirup langgeng" (Yohanes 6:35-47; 8:12; 10:27-28; 11:25). -26); jeung

"Saha anu percaya ka Kami, Kami cicing di manehna".

Pamiarsa anu hormat,
Upami anjeun ngartos kalebet jangji Ilahi ieu, enggal muka manah saderek ka Kristus, ku kituna Anjeunna tiasa masihan Roh Suci-Na kangge Saderek.

Kristus ngungkabkeun rusiah pangurapan ilahi ieu: Kadatangan-Na bakal ngumpinkeun taun kahadean Gusti. Dina Syariat Musa, urang maos yén saparantos lima puluh taun, sadaya budak kedah dibébaskeun sareng sadaya harta milikna diuwihkeun deui ka aranjeunna (Imamat 25:10).

Ieu mangrupikeun tanda pembebasan spiritual anu langkung ageung. Kristus hoyong ngabébaskeun manusa tina perbudakan dosa, bebas tina sagala kanajisan jeung kajahatan maranéhna, pikeun mulangkeun maranéhna ka Allah anu parantos lami ngantason tobat. Kristus ngagaduhan hak sareng kakiatan pikeun ngabebaskan, sabab panebusan-Na janten pagentosan sareng dosa urang. Kapungkur, Allah masihan hukum ngalangkungan Musa, tapi rahmat jeung bebeneran datang ngalangkungan Gusti Yesus Kristus (Yohanes 1:17). Saparantos Kristus mayar sagala dosa dunya, sakabeh manusa bisa balik ka Allah tanpa halangan atawa hambatan nanaon. Sakur anu tobat ka Kristus bakal nampi pangurapan ku Roh Suci-Na salaku jangji warisan Karajaan Allah. Aranjeunna moal ningali Gusti salaku Hakim anu langgeng dina Poé Kiamat. Anjeunna bakal némbongan salaku Bapa anu ngantosan aranjeunna sareng nampi aranjeunna kalayan kabagjaan sareng kasenangan.


Kumaha kuring terang Kristus

Kuring hirup salaku tawanan dosa, hirup dina perbudakan karesep sorangan, mentingkeun parasaan sorangan. Kuring salawasna milari hal anu bisa nyugemakeun pangabutuh seksual kuring, milarian kanikmatan pelesiran jeung eusian haté ku cinta dunya, tapi teu aya anu sayogi. Kuring sakapeung sok gaduh kabunga sareng kabagjaan, tapi waktos-waktos anu saé enggal-enggal luntur sareng perasaan kosong teras bakal uih deui. Kuring neraskeun cara hirup ieu dugi ka ngadangu wartos kabingaan di lebet Yesus Kristus, Sang Jurusalamet anu ngabébaskeun kuring tina sagala rupa masalah dosa. Kuring ngamimitian milarian Anjeunna, sareng babaturan kuring nyarioskeun perkawis padamelan Putra Maryam pikeun umat manusa. Anjeunna ngawartoskeun kuring ngeunaan kumaha Yesus bisa ngarobah arah hirup abdi.

Kristus pupus pikeun kuring pikeun masihan kuring hirup anu langgeng ku kituna kuring bisa ngahirupan hirup salamina kabagjaan dina kabagjaan. Tapi pikeun nampi kabagjaan éta, kuring terang yén kuring kedah nyerahkeun haté kuring ka Anjeunna supados Anjeunna tiasa ngeusian éta ku kanyaah-Na sareng kabagjaan ti Mantenna. Saterasna kuring tamada neneda sareng naros Kristus, Putra Maryam, supados lebet sareng nyandak sagala rupi kaputusan hirup abdi. Anjeunna leres-leres sumping sareng ngamimitian karya kasalametan-Na dilebet manah abdi. Ayeuna kuring hirup kalawan kabagjaan langgeng, henteu hariwang atanapi sieun, sanaos dianiaya, sabab Anjeunna heman ka abdi sareng nyugemakeun kabutuhan abdi. Kuring ngahiap sareng ngajak ka saderek, pamiarsa anu dipikacinta, nyandak léngkah ieu sareng nyuhunkeun Kristus sumping kana manah saderek, tiasa gaduh kahirupan kabagjaan sareng katengtreman anu langgeng di sabudeureun kasusah saderek.

Do’a
Gusti Allah sumber rahmat sih kurnia. Ama teh Bapa Ruhani sadaya anu tobat. Abdi seja ngahaturkeun nuhun ka murid-murid-Na parantos ngawawarkeun Kristus, Anu Diurapi, ka dunya anu pinuh ku korupsi. Kami henteu pantes sumping ka Kristus atanapi nampi Roh murni ti Ama, kumargi abdi jalmi dosa. Saleresna Gusti Rama parantos ngaberkahan jalmi anu miskin sumanget dina kamulyaan Kristus; abdi hatur sembah ka Gusti sinareng nganyuhunkeun dilebetan ku Roh Suci, supados dirobih janten jalmi handap asor, murni, langgeng, pinuh ku rahmat, suci tur welasa asih saperto. Amin.


Naha anjeun hoyong terang langkung seueur ngeunaan Kristus?

Kami tiasa ngintunkeun bahan ka saderek perkawis Injil Kristus, renungan sareng do;a. Kami neneda supados saderek masrahkeun hirup kana Injil sareng nampi katengtreman langgeng ti Gusti Pangeran.


Bagikeun warta alus ngeunaan Kristus ka babaturan anjeun

Upamo saderek parantos ngalaman hirup enggal ngalangkungan Kristus sareng nampi urapan spiritual-Na, mugia kersa masihan traktat ieu kangge rerencengan saderek. Kami tiasa ngintunkeun langkung seueur, bagikeuneun ka anu teu acan percanten, ngadu’akeun jalma anu nampi traktat nu disanggakeun. Diantos seratna, tong hilap alamat lengkep supados serat waleran tiasa enggal dugi.

WATERS OF LIFE
P.O. BOX 60 05 13
70305 STUTTGART
GERMANY

Internet: www.waters-of-life.net
Internet: www.waters-of-life.org
e-mail: info@waters-of-life.net

www.Waters-of-Life.net

Page last modified on December 11, 2023, at 12:00 PM | powered by PmWiki (pmwiki-2.3.3)