Home
Links
Bible Versions
Contact
About us
Impressum
Site Map


WoL AUDIO
WoL CHILDREN


Bible Treasures
Doctrines of Bible
Key Bible Verses


Afrikaans
አማርኛ
عربي
Azərbaycanca
Bahasa Indones.
Basa Jawa
Basa Sunda
Baoulé
বাংলা
Български
Cebuano
Dagbani
Dan
Dioula
Deutsch
Ελληνικά
English
Ewe
Español
فارسی
Français
Gjuha shqipe
հայերեն
한국어
Hausa/هَوُسَا
עברית
हिन्दी
Igbo
ქართული
Kirundi
Kiswahili
Кыргызча
Lingála
മലയാളം
Mëranaw
မြန်မာဘာသာ
नेपाली
日本語
O‘zbek
Peul
Polski
Português
Русский
Srpski/Српски
Soomaaliga
தமிழ்
తెలుగు
ไทย
Tiếng Việt
Türkçe
Twi
Українська
اردو
Uyghur/ئۇيغۇرچه
Wolof
ייִדיש
Yorùbá
中文


ગુજરાતી
Latina
Magyar
Norsk

Home -- Sundanese -- Tracts -- Tract 05 (Prepare The Way of the LORD!)
This page in: -- Armenian -- Baoule -- Burmese -- Chinese -- Dagbani? -- Dioula -- English -- French -- German? -- Greek -- Hausa -- Hebrew -- Hindi -- Igbo -- Indonesian -- Japanese -- Korean -- Lingala -- Maranao -- Nepali? -- Peul? -- Somali -- Spanish -- SUNDANESE -- Telugu -- Thai -- Turkish -- Twi -- Uzbek -- Yoruba

Previous Tract -- Next Tract

TRAKTAT - Pesen Pondok Alkitab Pikeun Dibagikeun

TRAKTAT 05 -- Siapkeun jalan pikeun PANGERAN! (Yesaya 40:3)


Loba jalma hirupna teu puguh juntranganana, nyoba ngarasakeun pelesir jeung usaha meunangkeun kadaharan sapopoé keur maranéhanana, teu mikirkeun jaga, maot nu nungguan maranéhanana. Ngan saeutik jalma anu mikirkeun Allah, hormat ka Anjeunna jeung ngalakukeun anu pangsaena supados nampi kataatan sangkan kenging pituduh jeung bebeneran-Na.

Nu Nyiptakeun jagat raya teu mopohokeun ka mahluk-Na. Gusti mikacinta saderek, inget, nyarios ka aranjeunna sarta nguji hate sadayana. Anjeunna hoyong pisan masihan kakiatan dina kapinuhan Ilahi, nalika supados aranjeun tobat sarta mulih deui ka Anjeunna.


PANGERAN anu datang ka urang

Waktos bapa Adam sareng ambu Hawa teu taat ka Allah, maranéhna ngaraoskeun isin, éra pisan, tuluy nyumput, sadar kana kajahatan anu geus dipigawé. Tapi Gusti Allah henteu ngahukum aranjeunna, malihan mah milarian teras sasaur, “Maneh dimana Adam?” (Kajadian 3:9). Nu Maha Nyipta milari sakumna umat manusa, tuluy marios ka Adam, “Di mana anjeun? Anjeun geus aya hasil dina kahirupan?"

Asma Allah disebat ku bapa Abraham di Mesopotamia ti satengahing kaum anu teu percanten ka Gusti Allah anu tunggal, sarta ngajadikeun anjeunna jadi jalmi kalana supados tiasa nampi kahirupan anu langgeng . Naha anjeun ogé, saderek pamiarsa, milari jalan bebeneran, pikeun ngengingkeun bumi anu langgeng pikeun diri?

Yakub jalmi anu curang sareng tukan tipu ngangge kalicikan. Anjeunna kabur ka nagara anu jauh lajeng nikah di pangumbaraan. Sanggeus mangtaun-taun di nagri deungeun, tuluy balik deui ka lemburna. Tapi hiji malaikat PANGERAN ngereunkeun anjeunna di jalan bade ngahukum manéhna alatan dosa anu tos dipidamelna. Tapi Yakub percanten, iman, tamada kana welas asih Gusti Allah. Anjeunna papuket sareng Anu Suci sareng nyarios, "Kuring moal ngaleupaskeun Juragan, kajabi upami Juragan ngaberkahan kuring." (Kejadian 32:26). Manawi saderek nyalindung ka Gusti dugi anjeun disalametkeun?

Musa kabur ti Mesir ka gurun keusik lantaran ambek ngagugudag, anjeunna maehan hiji pangawal anu neunggeulan urang Yahudi. Saparantos opat puluh taun, Allah nembongan ka anjeunna dina rungkun seneu, sarta ngawartoskeun anjeunna yén "Kami teh Kami", Anjeunna teu robih. Anjeunna satia salamina. Naha ALLAH nepungan anjeun di gurun kahirupan anjeun? Naha haté anjeun ngadangu panggero-Na anu sering ngagero anjeun? Naha anjeun ngarasa kasatiaan-Na anu teu aya robihna?

Samuél alit keneh waktos Gusti Allah nyauran anjeunna, waktos milih manéhna janten hakim Israel pikeun mingpin umat-Na. Allah henteu ngan milih jalmi dewasa, tapi ogé jalma ngora. Urang kedah ngawurukan murangkalih sabudeureun urang Allah dina babasa maranéhanana sarta mingpin aranjeunna ka Anjeunna. GUSTI ALLAH hoyong sumping ka jalma ngora jaman ieu, nganggo badega Gusti sapertos saderek.

Daud zinah, tuluy maréntahkeun pikeun maéhan salaki éta awéwé. Tapi Gusti henteu ngantep anjeunna ngalakukeun éta. Anjeunna ngutus nabi Natan pikeun nembongkeun kajahatan-Na ka anjeunna sareng nembongkeun bebendu Allah ka anjeunna. Daud ihlas tobat sarta ngawitan ngelingkeun jalmi tina dosa pikeun baralik deui ka Allah, Gusti maranéhna. Daud mendak rahmat jeung panghampura di Allah. Cobi aos Jabur 51; apalkeun jeung jadikeun ayat éta doa ku iman sangkan Sadérék nepungan panglipur jeung panghampura sapertos Daud.

Nabi Yesaya, ningal kamulyaan PANGERAN Nu Mahasuci, tuluy sasambat, "Tiwas aing! Sabab tiap ucap biwir aing teh doraka, jeung hirup teh campur jeung jalma-jalma anu saucap-ucapna jahat. Heug ayeuna nenjo Raja, PANGERAN Nu Maha Kawasa. Ku aing katenjo bungkeuleukan!" (Yesaya 6:5

Anjeunna ngajerit sabab cahaya PANGERAN nerangkeun ka anjeunna kaayaanana sareng kaayaan jalma-jalma di sakurilingna. Naha anjeun hoyong ngadeukeutan ka Allah pikeun ningali kamulyaan-Na? Teras anjeun bakal sadar yén dosa anjeun misahkeun anjeun ti Anu Suci. Naha anjeun ngartos yén dosa-dosa anjeun nyegah anjeun caket ka Anu Maha Suci sareng aranjeunna kedah dileungitkeun? “Ayeuna, kalayan pajenengan Kristus sim kuring sanget nya ngaharep, muga aranjeun daraek narima eta sih kurnia Allah anu ngarapihan deui ka aranjeun.” (2 Korinta 5:20)


Siapkeun Jalan Pikeun Gusti!

Jalma anu hayang nyugemakeun Allah kudu taat kana parentah-Na. Sing saha anu ngahaja ngalakukeun dosa jeung ngalanggar parentah-parentah-Na, kudu ngaku dosa-dosana sarta nyuhunkeun pangampura ka Allah nurutkeun jangji-Na “Lamun ngakukeun dosa ka Allah, urang bakal dipaparin bukti tina hal jangji-Na, nya eta dihampura dosa, jeung disucikeun tina sagala lampah urang anu salah” (1 Yohanes 1:9). Jalma anu ngawadul, hayu anjeunna nyanghareupan PANGERAN sareng ngaku yén anjeunna migawe dosa. Saha waé anu mendakan di bumina anu sanés milikna, hayu mulangkuen ka anu gaduh sareng nyuhunkeun dihampura. Sing saha anu ngalakukeun najis jeung batur, hayu anjeunna ngaku ngalanggar ka Allah, tobat jeung ulah ngalakukeun dosa deui. Jalma anu ngahina batur, kaasup kolotna sorangan, salaki, pamajikan atawa barudak, hayu anjeunna menta dihampuranr tur hirup bener dina kahirupan sapopoe.

Yohanes Pembaptis minuhan jangji agung nabi Yesaya nalika anjeunna ngulangkeun deui wahyu anu ditampi ku sang nabi, "Aya anu cumeluk di gurun keusik: ‘Sadiakeun jalan keur Pangeran, jieun jalan anu lempeng pikeun Mantenna! Lebak-lebak urugan, pasir-pasir, gunung-gunung datarkeun. Anu pungkal-pengkol jieun lempeng, anu tarengtong ratakeun. sakumna manusa bakal narenjo Allah nyalametkeun manusa!” (Yesaya 40:3-5; Lukas 3:4-6).

Yohanes Pembaptis ngahutbah yén teu aya manusa anu soleh. Urang sadaya salah jeung kudu dikumbah bersih, supados dirobih janten hade manahna. Jalma anu nalangsara jeung ceurik dina kasangsaraan kedah digugahkeun sareng dikiatkeun. Pikeun jalma anu sok nipu ka batur, hayu anjeunna hirup bener, soleh, pulangkeun karugian jalma-jalma anu parantos dirugelkeun.

Ayat ieu mangrupa kacindekan tina parentah ALLAH, “Masing nyaah ka PANGERAN Allah maraneh, terus jeung hate, terus jeung nyawa, sarta sing sakuat-kuat.” (Pamindo 6:5), sareng “Ulah hayang ngabales atawa ngunek-ngunek, malah kudu nyaah ka batur saperti ka diri sorangan. Kami teh PANGERAN.” (Imamat 19:18). Lamun hayang nyaah ka Allah, taat kana sagala parentah-Na. Nyuhunkeun ka Yéhuwa pikeun nunjukkeun ka Sadérék kumaha carana nyiapkeun jalan pikeun Mantenna, sangkan Mantenna tiasa sumping ka Sadérék pribados.


ALLAH Nyiapkeun Jalan Pikeun Anjeun

Anak Maryam lahir dina cara gaib, sabab Roh Allah jadi daging dina Anjeunna. Kristus diutus dina daging diantara manusa anu najis jeung pinuh ku dosa. Anjeunna ngabuktikeun kanyaah-Na ka aranjeunna ku nyageurkeun sadaya anu gering anu sumping ka Anjeunna, sareng ku kawasa rohani Anjeunna ngabebaskeun anu kasarumahan roh jahat. Tapi sabagéan ageung umat-Na henteu mikawanoh yén hakekat kamulyaan-Na nyaéta asih-Na anu ikhlas.

Gusti anu welas asih mukakeun manah-Na ka sadaya anu narékahan pikeun nyiapkeun jalan pikeun sumpingna ka aranjeunna. Ieu sababna Putra Maryam ngahampura sagala dosa dunya, ditebus sadayana pikeun urang, ngabersihkeun urang tina sagala dosa urang, sareng ngabenerkeun urang dina anugrah-Na. Urang kedah nganuhunkeun ka Anjeunna sareng nyaah ka Anjeunna sabab Anjeunna parantos mukakeun panto ka Surga pikeun urang sadaya.

Sumpingna Kristus ka alam dunya, mangrupakeun sumbu rusiah sabudeureun jalan sajarah manusa. Gusti sumping ka dunya ieu supados dunya balik ka Anjeunna. Allah ngahampura sakabeh jalma anu tobat jeung balik ka Anjeunna. Jalma anu ngarti rusiah ieu wicaksana, sareng anu ngalarapkeunana tangtos bakal katampi berkah-Na.


Allah Sumping Ka Anjeun Pribados

Kristus gugah tina alam kubur sabab Anjeunna geus ngawasa maot, Anjeunna mi’raj ka sawarga, jumenang sagigireun Gusti Rama anu Mahasuci. Anjeunna sono pisan ka jamaah-Na anu dipikacinta pisan. Anjeunna terang kalemahan sareng harepanana sewang-sewang. Ieu sababna Anjeunna ngutus Roh Suci-Na ka aranjeun. Sateuacan mir’aj ka Sawarga, Kristus nyarios, “Saenyana Kami indit teh bakal leuwih mangpa’at pikeun maraneh, sabab lamun Kami teu indit, Panulung teh moal sumping. Sabalikna lamun Kami indit engke bakal ngajurungkeun Anjeunna ka maraneh.” (Yohanes 16:7). Allah sumping ka urang ngaliwatan Roh Suci, Panglipur urang, anu linggih dilebet manah jama’ah anu baktos ka Gusti Yesus Kristus.

Dupi anjeun muka haté ka Roh Kristus? Anjeunna hoyong ngarobih anjeun sareng ngeusian anjeun ku asih-Na supados katengtreman, kabagjaan, kasabaran sareng kalembutan-Na bakal linggih di anjeun (Mateus 11:29; Galata 5:22-23). ALLAH ngetrok panto haté anjeun. Naha anjeun badé muka haté anjeun ka Anjeunna? Ulah heuras haté anjeun payuneun Anjeunna, tapi nyiapkeun jalan PANGERAN pikeun anjeun.

“Geura cengkat, Yerusalem! Sing moncorong kawas panonpoe. Maneh bakal kasorot ku kamulyaan PANGERAN. Bangsa-bangsa bakal kaalingan ku poek, maneh mah kacaangan ku Mantenna, bakal kahibaran ku cahaya Mantenna.” (Yesaya 60:1-2)


Gusti Sumping Kangge Sararea

Kaasih Kristus ngajurung jalma-jalma anu dianyaran sacara rohani pikeun ngabagi Bagja Kabungahan ka réréncangan sareng tatanggina sareng nyarioskeun yén Allah ogé hoyong sumping ka aranjeunna. Ulah ngan kasampak di diri urang sorangan, tapi turutan tauladan Kristus milarian jalma anu sasab.

Upami anjeun henteu terang kumaha ngawula ka Gusti, neneda sareng nyuhunkeun pituduh, Anjeunna bakal nunjukkeun ka saderek kumaha carana supados tiasa ngahontal ka batur, ngalakukeun amal anu hadé, sareng maparin rahmat ka anu peryogi. Gusti bakal ngabuka cara kangge anjeun supados ditiasakeun nyarios ka jalmi anu hoyong ngupingkeun kanyaah sareng kasucian Allah. Gusti ngiatkeun anjeun, mapah sasarengan sareng ngajagi anjeun. Pasrahkeun kontrol hirup anjeun ka Kristus, anjeun bakal pinuh ku berkah. Gusti bakal ngatur kontak spiritual pikeun anjeun diwurukan.


Pikirkeun Misteri Datangna Kristus

Upami anjeun hoyong ngartos langkung seueur ngeunaan sumpinan PANGERAN ka jalmi di jaman kapungkur, ayeuna, sareng anu bakal sumping, nyerat ka kami, supados kami tiasa ngintun Injil Kristus ka saderek, ditambih bahan ibadah sareng doa, anu tiasa ngiatkeun iman, asih sareng panharepan saderek

Diantosa serat ti saderek. Nalika nyerat ka kami, tong hilap nyerat alamat lengkep supados serat kami tiasa dugi ka saderek.

WATERS OF LIFE
P.O. BOX 60 05 13
70305 STUTTGART
GERMANY

Internet: www.waters-of-life.net
Internet: www.waters-of-life.org
e-mail: info@waters-of-life.net

www.Waters-of-Life.net

Page last modified on December 11, 2023, at 11:30 AM | powered by PmWiki (pmwiki-2.3.3)