Home
Links
Bible Versions
Contact
About us
Impressum
Site Map


WoL AUDIO
WoL CHILDREN


Bible Treasures
Doctrines of Bible
Key Bible Verses


Afrikaans
አማርኛ
عربي
Azərbaycanca
Bahasa Indones.
Basa Jawa
Basa Sunda
Baoulé
বাংলা
Български
Cebuano
Dagbani
Dan
Dioula
Deutsch
Ελληνικά
English
Ewe
Español
فارسی
Français
Gjuha shqipe
հայերեն
한국어
Hausa/هَوُسَا
עברית
हिन्दी
Igbo
ქართული
Kirundi
Kiswahili
Кыргызча
Lingála
മലയാളം
Mëranaw
မြန်မာဘာသာ
नेपाली
日本語
O‘zbek
Peul
Polski
Português
Русский
Srpski/Српски
Soomaaliga
தமிழ்
తెలుగు
ไทย
Tiếng Việt
Türkçe
Twi
Українська
اردو
Uyghur/ئۇيغۇرچه
Wolof
ייִדיש
Yorùbá
中文


ગુજરાતી
Latina
Magyar
Norsk

Home -- Sundanese -- Christ -- 10 (Christ's Names and Titles)
This page in: -- Arabic? -- Azeri -- Baoule -- Chinese -- English -- French -- Greek -- Indonesian -- Japanese -- Kyrgyz -- Russian -- SUNDANESE -- Turkish -- Ukrainian -- Uzbek

Previous Lesson -- Next Lesson

TOPIK 8: KRISTUS - Parantos kenal ka Gusti Yesus Kristus?
Pengantar Kana Hirup, Kawasa Jeung Kaasih Kristus

10. Saderek parantos terang Nami Kristus sareng gelar-gelarna?


Sababaraha nabi gaduh gelar khusus. Ibrahim teh disebat sobat Allah, Musa, juru carios Allah. Kristus, Firman Allah sareng Roh anu sumping ti Rama. Tapi dina Injil urang maos aya wahyu anu langsung, nalika aya sora ti Sawarga sumping nyarios: "Tah ieu teh Putra Kami, kaasih Kami, anu kamanah ku Kami. Masing ngagugu ka Anjeunna!" (Mateus 17 : 5)

Naon hartosna babasan ”Putra Allah”? Hiji murangkala biasana gaduh rupi sami sareng ramana. Sami dina cara urang ningali dina Kristus salaku gambaran Karakter Gusti Allah, sakumaha ceuk Yesus ka murid-Na "Anu geus nenjo Kami tangtu nenjo ka Rama” (Yohanes 14:9). Saderek oge tiasa nyarios, teu kenging ku Gusti, AnjeunnaAnjeunna ngan ukur nabi. Tapi kami naros ka andika: Kunaon saderek henteu nuturkeun paréntah-Na? Anjeun parantos dihukum upami henteu leres-leres tobat sareng janten robih dina pikiran sareng perbuatan.

Ieu mangrupakeun hiji misteri hébat yén Yesus sumping salaku Putra Allah pikeun ngabebaskeun jalma anu dipanjara kulantaran dosa. Anjeunna sumping ka dunya salaku manusa anu hina, pikeun nunjukkeun ka urang naon hartina hakekat kamanusaan anu leres. Jadi pastina manusa teu tiasa nyalametkeun dirina sorangan ku kamulyaan atawa usaha sorang, tapi mung ngalangkungan anugrah Kristus nyalira, teu aya jalan sanes.

Saha-saha anu mawa pedang katingalina kuat, tapi anu ngawasa ngajagi dirina tangtos langkung kiat. Kakiatan sareng kaasih anu langkung ageung nyaéta, Mantenna anu ngorbankeun nyawana salaku tebusan pikeun sadaya jalmi. Ku sabab kitu, Rasul Yohanes ngaku nyebatkeun "Pangandika teh terus mijalma, jadi manusa, hirup di kalangan urang, jembar kurnia jeung saestu sipat-Na tur mulya kaayaana-Na, sarta kamulyaana-Na teh tembong ka urang, kamulyaan ti nu jadi Rama ka Putra tunggal." (Yohanes 1 :14)

Kristus awatara dina wujud manusa utuh, ku kituna urang tiasa ngartos yen Allah teh Rama anu bageur, asih, jembar hampura, moal nindes, ngaruksas, komo deui teu malire ka urang. Ku kituna, Kristus masihan urang pamahaman enggal perkawis Gusti Allah. Yesus teu ukur ngajarkeun urang gambaran katuhanan Anjeunna, tapi Mantenna ngahirupan cinta anu ngaburialkeun kaasihna Gusti Allah, urang janten ngartos ku ngalaman kaasih anu langgeng salawasna.

www.Waters-of-Life.net

Page last modified on September 04, 2023, at 02:59 PM | powered by PmWiki (pmwiki-2.3.3)